2 Raja-raja 19
Tutas anu unjukan, Hiskia nyosoeh anggoanana tuluy gentos ku anggoan tina karung, ti dinya angkat ka Bait Allah.
Ti dinya nimbalan ka Elyakim kapala urusan karaton, Sebna panitera karaton, jeung ka sawatara imam anu sarepuh, dipiwarang nepangan Nabi Yesaya putra Amos. Aranjeunna oge dibaraju tina karung.
Kieu timbalan anu ku aranjeunna kudu dihaturkeun ka Yesaya teh: "Dinten ieu urang teh nuju tunggara nandang siksaan sareng kahinaan, ibarat wanita bade ngajuru teu tiasa brol margi seep tanaga.
Nembe teh aya gegeden luhur utusan raja Asur, ngahina ka Allah anu jumeneng. Mugi-mugi sing kadangu ku PANGERAN Allah Ajengan, eta jalmi masing kasiksa. Mugi bangsa urang anu ayeuna araya ku Ajengan dipangnedakeun."
Kasauran Raja Hiskia anu dihaturkeun ku utusan,
ku Yesaya diwaler kieu: "Timbalan PANGERAN, Sang Raja teu kedah rempan ku ancaman urang Asur anu nyebatkeun PANGERAN moal iasa mitulung.
Eta raja ku PANGERAN bakal digeumpeurkeun sina mulang rurusuhan ka nagarana, di ditu bakal aya nu maehan."
Perwira Asur tea meunang beja yen rajana geus ninggalkeun Lakis, sabab keur nempuh ka nagara Libna anu teu pati jauh ti dinya, tuluy disusul.
Datang beja ka urang Asur yen balad Mesir ngadatangan rek ngarurug ka maranehna, dikapalaan ku Raja Tirhaka ti Sudan. Satampana eta beja raja Asur nyuratan ka Hiskia raja Yuda,
ungelna, "Ulah kabobodo ku omongan dewa anu dipuhit ku maneh, anu ngabejaan yen maneh moal beunang ku kami, ulah dipercaya.
Maneh geus ngadenge beja kumaha kagagahan raja-raja Asur lamun geus ngagempur nagri batur. Dikira maneh bakal luput ti kami?
Nagri-nagri Gosan, Haran jeung Resep geus tumpur ku karuhun-karuhun kami. Urang Bet Eden di Telasar geus tumpes, dewa-dewana teu barisaeun naon-naon.
Cik mana ayeuna raja-raja nagri Hamat, nagri Arpad, nagri Separwaim, nagri Hena jeung nagri Iwa?"
Sanggeus suratna ku Hiskia diaos, ku anjeunna dicandak ka Bait Allah, seug ditembrakkeun payuneun PANGERAN.
Hiskia sasambat, "Nun PANGERAN Allah Israil anu ngalinggihan tahta dina mukarabin! Taya deui Allah mung Gusti, anu ngasta karajaan-karajaan di sajagat, anu ngadamel bumi sareng langit.
Nun PANGERAN, tingali ieu katunggaraan abdi sadaya. Dangukeun Sanherib anu sakitu kumalungkungna ka Gusti, Allah anu jumeneng.
Abdi sadaya terang, leres eta raja Asur teh parantos ngagempur bangsa-bangsa sakitu seueurna, tanah-tanahna dugi ka saruwung,
dewa-dewana didurukan, margi eta dewa-dewa teh sanes Allah, nanging kayu sareng batu buatan jalmi.
Nun Gusti PANGERAN, luputkeun abdi sadaya ti urang Asur, supados sadaya bangsa tarerang yen teu aya deui Allah mung Gusti."
Yesaya ngintun pesen ka Hiskia, saurna panyambat Hiskia ku PANGERAN geus diwaler.
Timbalan PANGERAN, "Eh Sanherib, saenyana mah maneh ku Yerusalem teh diseungseurikeun, disapirakeun!
Karah saha anu ku maneh dihinakeun teh? Sakitu campelakna maneh ka Kami anu suci Allah Israil.
Maneh ka Kami ngirim utusan sina kongkorongok, pedah maneh boga pasukan kareta anu geus bisa ngagempur gunung-gunung pangluhurna di Libanon, nuaran tangkal kiputri anu pangjarangkungna, tangkal kijamuju anu pangaralusna. Muji maneh geus bisa nembus leuweung anu pangjerona,
geus bisa nyieunan sumur di tanah batur jeung geus nginum cai tanah batur, agul pedah boga balad geus bisa ngidek-ngidek Walungan Nil nepi ka saat.
Na teu nyaho yen bisa kitu soteh memang ku Kami geus diatur ti baheula yen bakal kitu? Ayeuna enya bukti, Kami keneh anu ngersakeun. Maneh mah ku Kami ngan dikawasakeun, supaya ngubrak-ngabrik kota-kota benteng sina alambrug,
jalma-jalmana disina kapupul bayu leungit tanaga, leumpeuh kawas jukut di tegal atawa dina suhunan anu kasebrot ku angin panas ti wetan.
Tur saban maneh indit, ka mana ge Kami uninga. Ana maneh nyieun gawe, unggal-unggal ge Kami uninga, kitu deui ana maneh ijid ka Kami.
Kami uninga maneh teh ambek ka Kami tur sakitu sompralna. Ku sabab kitu cacapek maneh rek dipasangan kadali, maneh rek dibenyeng sangkan malik ka urut maneh datang."
Kieu deui saur Yesaya ka Hiskia, "Anu bakal pijadieun teh kieu alamatna: Taun ieu sareng taun payun tedaeun teh mung gandum anu jaradi sorangan, taun payunna deui nembe bakal tebar deui sareng bakal kapibuatan, tiasa deui melak anggur sareng bakal kaala.
Anak incu Yuda anu rahayu sakarina, bakal mucekil hirupna, ka handap akarna kuat, ka luhur buahna rantuy.
Di Yerusalem bakal aya keneh pangeusi anu kari, di Gunung Sion bakal aya keneh jalma anu nyesa. Kitu katangtosan ti PANGERAN.
Dupi raja Asur mah kieu timbalan PANGERAN, ‘Hamo bisa asup ka ieu nagara. Jamparingna hiji ge mo aya nu mesat, serdaduna nu marake kepeng teh hiji ge mo aya anu deukeut-deukeut acan, hamo aya anu nyieun huhunyuran pikeun ningker ieu nagara.
Eta raja bakal mulang ka urutna datang, mo hasil niatna ngajabel ieu nagara. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Ieu nagara ku Kami tanwande diraksa, pikeun miara kamulyaan Kami jeung ku sabab Kami geus jangji ka abdi Kami Daud.’"
Ari geus kitu dina peutingna, malaikat PANGERAN sumping ka pasanggrahan urang Asur, tuluy niwaskeun 185.000 serdadu. Ari bray isuk-isuk mayitna patulayah.
Raja Asur buru-buru mulang ka nagarana, tuluy calik di Ninewe.
Dina hiji poe waktu anjeunna keur sembahyang di imah pamujaan ka Dewa Nisrok sesembahanana, anjeunna dipaehan ku pedang ku Adramelek jeung Sareser, dua putrana, anu terus kalabur ka tanah Ararat. Tuluy Esar Hadon putrana ngaganti jadi raja.